Minggu, 29 Maret 2015

Contoh makalah bahasa sunda

Makalah

"Kaletarian Leuweung"

blog dian

Sebuah makalah tidak harus di tulis dengan memakai bahasa resmi atau bahasa yang di pakai oleh sebuah Negara  penulisan makalah bisa juga memakai dengan bahasa Daerah  dan di bawah ini adalah Contoh makalah bahasa sunda ataubahasa daerah Jawa Barat dengan judul  "Kaletarian Leuweung"

KECAP PANGANTEUR


     Puji sinareng syukur urang ronjatkeun kehadirat Alloh SWT anu tos masihan rahmat sarta karunia-na kaurang sadaya anu alhamdulilah tiasa ngarengsekeun ieu Makalah dinawaktuna anu di judulan "KALESTARIAN LEWEUNG" Makalah ieu eusina ngeunaan kumaha sangkan nonoman cara ngajaga kalestarian leweung .
Diharepkeun Makalah ieu tiasa masihan  informasi ka urang sadayana ngeunaan kumaha sangkan masarakat sadar pentingna ngajaga kalestarian leweung téh,makalah ieu jauh kénéh ti sampurna,kualatan éta kritik sarta saran ti sadayana pihak anu sifatna ngawangun abdi sareng rerencangan ngantosan usulana demi kasampurnaan makalah ieu.Ahir kecap, hatur nuhun. Mugi Alloh SWT ngaridoan sagala usaha urang.Amin.


penulis 

Daftar Eusi


Kecap Panganteur
Daftar Eusi

BAB 1 BUBUKA
A. Kasang tukang
B. Tujuan

BAB 2 EUSI
A. Cara Ngajaga Kasehatan
B. Nyegah Panyakit
C. Pola Makan Anu Bener

BAB 3 PANUTUP
A. Kacindekan
B. Saran



BAB 1 BUBUKA


A.Kasang Tukang
    Leweung teh mangrupakeun bagean anu penting kanggo kalangsungan hirup makhluk bumi anu ku urang kedah dijaga kalestarianna.Tapi,ayeuna mah Leweung anu masih keneh leubeut teh tos mulai ngurangan,ku lantaran geus loba di pake perumahan,lahan pertanian,lahan industri,penebangan liar,jeung sajabana.Terutami leweung anu aya di pulau Jawa.Kusabab kitu,leweung teh kedah dijaga kalestarianna kanggo kalangsungan hirup anak incu urang jaga.

B.TUJUAN
    Tujuan dijieunnna ieu makalah teh pikeun mikawanoh:
1.Cara ngalestaikeun leweung
2.Kaayaan leweung di Indonesia kiwari
3.Kumaha sangkan leweung teh henteu dugi ka gundul anu ahirna nyebabkeun banjir,longsor, jeung sajabana.


BAB 2

EUSI


A.PENGHIJAUAN
    Ayeuna mah leweung teh geus teu siga baheula deui anu masih keneh hejo leubeut ku dangdauanan.Jadi,supados henteu nepika gundul,carana teh urang ngalakukeun penghijauan lahan anu gundul.Cara na, teu kudu jauh-jauh melak tatangkalan di leweung anu ges gundul,minimal urang diajar heula melak tatangkalan di buruan imah,atawa di sakola.Tos kitu urang jaga bener-bener.Sabab urang teh mangrupakeun makhluk hirup anu butuh udara seger kanggo bernapas,jadi supados urang tiasa menikmati udara seger,urang kudu melak tatangkalan anu ngahasilkeun oksigen kanggo urang napas.Salian ti eta,melak tatangkalan di buruan imah oge tiasa nambihan kaendahan imah urang,jadi katinggalna hejo sareng iuh ku tatangkalan.


B.PENEBANGAN LEWEUNG
    Leweung anu ayeuna henteu siga baheula teh,kusabab ayeuna loba penebangan liar anu dilakukeun ku pihak anu teu bertanggung jawab.kai di leweung di tebang kanggo di jadikeun bahan industri,bahan kerajian,bahan mebel,jeung sajabana.Sangges di tebang,lahan anu tos gundu teh diantepkeun bae,henteu di pelakan deui.Upami terus di antep,lila-lila leweung teh bakal beuki ngurangan atawa bisa nepi ka punah.
    Salain ti eta,upami leweung gundul teh,bisa nyebabkeun bencana banjir atawa longsor anu ngabahayakeun jalma.
    Kusabab kitu,penebangan liar anu henteu paduli ka kalestarian leweung teh kudu di berantas kanggo kalangsungan hirup urang sadaya.


C.KAAYAAN LEWEUNG DI INDONESIA
    Leweung di Indonesia,terutam di pulau Jawa anu padat pendudukna beuki dieu beuki ngurangan lantaran seeur di anggo lahan pertanian,perumahan,jeung sajabana.
    Salian ti eta,seeur oge leweung anu tatangkalan na di tuar anu kai na di anggo bahan industri,teran henteu di pelakan deui saparantos di tuar teh.Akibatna,bisa nyebabkeun banjir,longsor,pemanasan global,jeung bencana alam anu sejen.


BAB 3

PANUTUP


A.Kacindekan
    Jadi,urang kudu ngajaga kalestarian leweung kanggo kalangsungan hirup sakumna makhluk bumi,urang ulah nepi ka ngantepkeun leweung terus di tuaran nepi ka gundul atawa nepi ka punah.Carana tiasa urang lakukeun tnu hal anu alit di kahirupan urang sapopoe.

B.SARAN
    Kanggo sadayana,hayu urang sasarengan ngajaga kalestarian hutan,di awalan ku hal-hal alit dinu kahirupan urang.Sareng kanggo pihak-pihak anu ngamanfaatkeun tatangkalan di leweung supados melakan deui lahan nu gundul saparantos di tuar teh,ulah nepi ka di antep dina kaayaan anu gundul.

sumber : http://www.dhanhariz.esy.es/2015/08/contoh-makalah-sunda-tentang.html
 

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar dengan bijak

luvne.com resepkuekeringku.com desainrumahnya.com yayasanbabysitterku.com